Teks Khutbah Jumat Bulan Syaban Bahasa Sunda Singkat Terbaru Penuh Hikmah
Hadirin Jamaah Jum’ah Rahimakumullah
Teras amal naon anu dipidamel ku kangjeng Rosul SAW, dina sasih sya’ban ieu?… Margi kalintang peryogina kanggo urang sadaya anu hoyong kenging panghampura sareng rohmat ti Allah SWT. Utamina dina sasih sya’ban ieu, urang kedah tumut ka mantena dina sunahna atanapi ibadahna. Pidawuh Alloh dina surat Al-Imron ayat 31:
قُلۡ إِن كُنتُمۡ تُحِبُّونَ ٱللَّهَ فَٱتَّبِعُونِي يُحۡبِبۡكُمُ ٱللَّهُ وَيَغۡفِرۡ لَكُمۡ ذُنُوبَكُمۡۚ وَٱللَّهُ غَفُورٞ رَّحِيمٞ
Hartosna: “Pok caritakeun Muhammad: “Lamun aranjeun micinta Alloh, prak geura tuturkeun kaula, maka Alloh bakal micinta aranjeun, jeung Alloh maha jembar pangampura, oge anu maha welas asih.” (QS. Ali Imran : 31)
Diantawisna amalan kangjeng Rosul SAW, dina sasih sya’ban nyaeta. Kahiji, Mantenna seueur saom sunat. Pidawuhna anu di riwayatkeun ku Anas bin Malik:
حَدَّثَنِي أُسَامَةُ بْنُ زَيْدٍ قَالَ قُلْتُ يَا رَسُولَ اللهِ لَمْ أَرَكَ تَصُومُ شَهْرًا مِنَ الشُّهُورِ مَا تَصُومُ مِنْ شَعْبَانَ قَالَ ذَالِكَ شَهْرٌ يَغْفُلُ النَّاسُ عَنْهُ بَيْنَ رَجَبَ وَرَمَضَانَ وَهُوَ شَهْرٌ تُرْفَعُ فِيهِ اْلاَعْمَالُ إِلَى رَبِّ الْعَالَمِينَ فَأُحِبُّ أَنْ يُرْفَعَ عَمَلِي وَأَنَا صَائِمُ .
Hartosna: “Usamah bin Zaid nyarios ka Rasulullah, “Ya Rosulalloh, kami teu pernah ningali anjeun saom dina sasasih lamina tina pirang-pirang sasih nyaeta saom tina sasih sya’ban.” Rasulullah ngawaler, “ieu sasih anu dipopohokeun ku lolobana manungsa, nyaeta antara bulan Rajab jeung Ramadhon. Dina sasih ieu diangkat amal kahadean manusa ka Pangeran ieu alam. Kusabab kitu kami hayang saat amal kami diangkat ka Alloh, kami keur puasa.” (HR. An-Nasa’i).
Hadirin Sami Minulyaken Allah..
Tina katerangan hadits nembe, tiasa kauninga ku urang sadayana, yen puasa sunah dina sasih Sya’ban teh kalintang saena, kumargi dina waktosna tutup buku amal-amal urang dina salami sataun, urang aya dina kaayan keur ibadah puasa.
Seueur ulama anu ngajelaskeun yen Puasa Sunah dina bulan Sya’ban teh ngabogaan kaistimewaan khusus, sakaligus persiapan keur nyanghareupan puasa Romadhon. Teras dina bulan Sya’ban eta sakabeh amal perbuatan manungsa di sanggakeun ka Allah SWT.
Kumargi kitu, kangjeng Rosul seueur saom sunat saparantos romadhon nyaeta dina sasih sya’ban, tujuan mantena teu aya sanes nyaeta, nalika amalna diangkat ka Allah SWT. Mantena nuju dina kaayaan saom.
Hak Muslim Jeung Sasama Muslim
Kadua, Mantena dina wengina seu-eur midamel shalat sunat, malih hadits anu kamashur mah kanjeng Rosul sampeanana dugi barareh, kumargi lami shalatna dina wengian sasih sya’ban.
Katiluna, nyeueurkeun midamel amal sholeh anu sanesna sapertos Dzikir, maos qur’an, infaq, shadaqah sareng silaturrahim.
Editor: Kastolani Marzuki