get app
inews
Aa Text
Read Next : Asal usul Sholat 5 Waktu dalam Sejarah Isra Miraj Nabi Muhammad

Teks Ceramah Bulan Rajab Bahasa Sunda yang Bisa Digunakan untuk Lomba

Minggu, 27 Februari 2022 - 15:06:00 WIB
Teks Ceramah Bulan Rajab Bahasa Sunda yang Bisa Digunakan untuk Lomba
Bulan rajab yang penuh berkah. (Foto: Ilustrasi)

Hadirin anu mulia... 

Lamun ku urang dititenan leuwih jero, naon sabanna Rasulullah SAW ngahubung-hubungken elmu jeng Cina? Aya kapentingan naon ? Aya maksud naon baginda Rosululloh SAW ngabahas  Cina?

Hadirin sadayana.

Umat Islam karek sadar waktu parentah sholat mimiti diwajibken. Ternyata seeur pisan sarana jeng prasarana anu ngadukung kana ibadah sholat anu khusyu. Sabab ibadah sholat ngandung syarat jeng rukun. Tah urang moal terang kana perkara rukun jeng syarat sholat lamun teu rajin ngaji elmu sholat. Sedengkeun masalah syarat eta aya hubunganana jeng alat atawa materi. 

Hadirin anu mulia... 

Waktu sholat diwajibken, salah sahiji syaratna kudu nutupan aurat. Nutupan aurat eta kudu ku kain, jeng dina waktu harita sekitar taun 621 Masehi, hiji-hijina nagara anu ngahasilken tekstil kain kur negri Cina. Tah eta sababna pangna Rasulullah SAW ngahubungkan kawajiban nuntut elmu ka nagri Cina.

Hadirin...

Bulan Rajab, di mana urang nyorang ti taun ka taun. Jeng teu ukur nyorang wungkul, urang sadayana salaku kaum muslimin saestuna nyambut ku kuperingatan-peringatan, pangajian-pangajian anu dikaitken jeng uraian sholat. Tapi naha nya, ku datangna bulan Rajab ieu kur ngaliwat kitu wae??? Tangtu henteu. Sabab anu leuwih penting kango urang sadayana nyaeta ngalenyeupan makna ibadah sholat supaya dilakonan dina hirup sapopoe. 

Nalika sholat diwajibkeun kudu khusyu, maka dina ngalakonan pagawean naon wae urang oge kudu khusyu. Soson-soson dina milampahna.

Salian ti eta, sholat disyaratkan kudu beresih tina hadats, maka dina ngalonan naon wae oge kudu beresih tina kabohongan, henteu korupsi jeng teu dzolim. Lamun pagawe henteu korupsi waktu, jeng lamun dunungan henteu ngagawekeun pagawe sangeunahna.

Editor: Asep Supiandi

Follow Whatsapp Channel iNews untuk update berita terbaru setiap hari! Follow
Lihat Berita Lainnya

iNews.id
iNews Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik lebih lanjut