7 Contoh Wawancara Bahasa Sunda Singkat, Lengkap dengan Terjemahannya
                
            
                Pewawancara: Wilujeng siang, Pa. Abdi Budi ti SMA Jajarnagreg. Hatur nuhun parantos ngaluangkeun waktos kanggo ieu wawancara. Punten, Ieu sareng Bapa saha namina? (Selamat siang, Pak. Saya Budi dari SMA Jajarnagreg. Terima kasih telah meluangkan waktu untuk melakukan wawancara ini. Tolong, bapak namanya siapa?)
Narasumber: Pa Engkos. (Pak Engkos.)
Pewawancara: Pa Engkos, Bapa di Irigasi ieu teh bertugas salaku naon? (Pak Engkos, di Irigasi, apa tugasnya?)
Narasumber: Bapa mah staf. (Saya bagian staf.)
Pewawancara: Staf teh tugasna naon wae, Pa? (Staf tugasnya apa saja pak?)
Narasumber: Ngajaga kaluhuran cai di hulu sangkan aya dina kaayaan anu normal. Pami volume na tinggi, nya ku bapa dialirkeun ka solokan-solokan leutik. (Menjaga ketinggian air di bagian hulu agar dalam kondisi normal. Kalau volumenya tinggi, saya membuangnya ke saluran air kecil.)
Pewawancara: Oh, kitu. Bapa Engkos tos lami damel didieu, Pa? (Oh begitu. Pak Engkos sudah lama bekerja di sini ya?)
Narasumber: Atos. Aya kana 15 taunan mah. Tos hilap taun sabarah mulai tapi nya aya lah 15 taun mah. (Lama. Sudah 15 tahun. Saya lupa tahun berapa dimulainya, tapi itu 15 tahun yang lalu.)
Pewawancara: Lami nya, Pa. Bapa naon alesanna resep damel didieu?(Lama juga, Pak. Mengapa bapak suka bekerja di sini?)
Narasumber: Nya anu penting mah tiasa damel sareng ngabakti ka nagara ku jadi petugas irigasi. (Yang penting saya bisa berkarya dan mengabdi pada negara dengan menjadi petugas pengairan.)
Pewawancara: Alhamdulillah, Hatur nuhun pikeun nyandak waktos kanggo abdi Pak. (Alhamdulillah, Terima kasih telah meluangkan waktu untuk saya, Pak.)
Narasumber: Sami-sami. (Sama-sama.)
Demikian ulasan mengenai contoh wawancara Bahasa Sunda singkat. Semoga bermanfaat!
Editor: Komaruddin Bagja