Contoh ceramah maulid nabi bahasa Sunda. (Foto: Freepik)

Suri Tauladan Nu Ageng

Nabi Muhammad SAW, Pangutamina makhluk anu diciptakeun ku Allah SWT., tiantara makhluk anu sejena, jalmi anu ngagaduhan akhlak paling mulya, ngagaduhan sifat sareng martabat anu agung, suri tauladan keur sakabeh insan.

Kamulyaan jeung kaluhuran akhlak Rasulullah teu aya tandinganana, akhlakna patut ditiru, dawuhanana patut digugu, sahingga Allah oge ngagungkeun kana kaagungan akhlakna.

Dina al-Qur’an Allah SWT ngadawuh:

لَّقَدۡ كَانَ لَكُمۡ فِي رَسُولِ ٱللَّهِ أُسۡوَةٌ حَسَنَةً لِّمَن ْكَانَ يَرۡجُواْ ٱللَّهَ وَٱلۡيَوۡمَ ٱلۡأٓخِرَ وَذَكَرَ ٱللَّهَ كَثِيرًا

Hartosna: Saenyana geus aya dina (diri) Rasulullah eta suri tuladan/conto anu saé pikeun aranjeun, nyaeta pikeun jalma-jalma anu miharep (rohmat) Allah jeung (datangna) poé kiamat jeung manehna loba dzikir ka Alloh saloba-lobana. (QS. al-Ahzab:21)

Jamaah Rahimakumullah

Kedah janten emutan kanggo urang sadayana saparantos nitenan ayat nembe, nyaeta Allah anu Maha mulya, ngagungkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW., tapi kadang aya sabagian manusa anu ngarasa beurat ngagungkeun jeung ngamulyakeun Rasulullah SAW, bahkan sawareh jalma mah aya nu ngewa ka jalma anu resep ngamulyakeun Kangjeng Rasul.

Padahal eces jentre pisan dina al-Qur’an, Alloh marentahkeun ka jalma nu iman, sangkan ngamulyakeun Nabi ku cara maca sholawat ka Kangjeng Nabi SAW, sakumaha pidawuh-Na:

إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَٰٓئِكَتَهُۥ يُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِيِّۚ يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ صَلُّواْ عَلَيۡهِ وَسَلِّمُواْ تَسۡلِيمًا

Hartosna: Saestuna Allah jeung para malaikat-Na maos shalawat ka Kangjeng Nabi. Hei jalma-jalma nu iman, kudu maca shalawat aranjeun kabeh ka Nabi jeung ucapkeun salam kahormatan ka Anjeuna. (Q.S al-Ahzab; 56).

Ayat nembe mangrupikeun parentah anu jelas ka jalma anu iman supaya maca shalawat ka Kangjeng Nabi. Kudu hormat ka Rasul, kudu ngamulyakeun Rasul, jeung kudu tumut kana tuntunan Rasulullah SAW.

Kajabi ti eta oge Alloh bakal mika asih jeung masihan panghampura ka satiap jalmi iman, anu maca shalawat jeung taat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Dawuhan Allah SWT:

قُلۡ إِن كُنتُمۡ تُحِبُّونَ ٱللَّهَ فَٱتَّبِعُونِي يُحۡبِبۡكُمُ ٱللَّهُ وَيَغۡفِرۡ لَكُمۡ ذُنُوبَكُمۡۚ وَٱللَّهُ غَفُورٞ رَّحِيمٞ ٣١

Hartosna: Bejakeun Muhammad: “lamun aranjeun (bener-bener) micinta ka Allah, tuturkeun kami, maka Allah bakal mika cinta jeung ngahampura kana dosa-dosa aranjeun,” Jeung Allah anu maha Penghampura oge anu Maha asih. (QS. Ali-Imran : 31).


Editor : Kastolani Marzuki

Halaman Selanjutnya
Halaman :
1 2 3
BERITA POPULER
+
News Update
Kanal
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
MNC Portal
Live TV
MNC Network