Contoh Carpon Bahasa Sunda (Foto: Basa Sunda)

JAKARTA, iNews.id - Contoh carpon bahasa Sunda berikut ini bisa menjadi referensi belajar bahasa daerah bagi siswa.

Carpon atau carita pondok, yang dalam bahasa Indonesia disebut juga sebagai cerita pendek.
Pengertian carpon menurut Tatang Sumarsono (1986:68) adalah karangan fiksi yang ceritanya tidak benar-benar terjadi.

Meski begitu, kejadian yang diceritakan dalam carpon itu sangat realistis atau masuk akal dan biasa diangkat dari kehidupan sehari-hari. 

Karena merupakan cerita pendek, maka carpon dapat selesai dibaca dalam sekali waktu. Kemudian, alur carpon juga tidak kompleks dan hanya berpusat pada satu kejadian.

Untuk lebih memahaminya, silakan simak contoh carpon bahasa Sunda berikut ini.

Contoh Carpon Bahasa Sunda

Dirangkum dari berbagai sumber, inilah beberapa contoh carpon bahasa Sunda yang bisa dijadikan referensi belajar siswa.

Carpon Sunda Babaturan (Ku Kustian)

Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.

Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.

Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.

Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé.

Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.

Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani, ahirna maranéhana jadi ogé mangkat ka super markét. “Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna” Dinda meré naséhat ka Rani bari rada ngambek saeutik.
Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna belikeun ka ninina.

Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca’ang mereun pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina. Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.

Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik.

Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani téh salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di keluarga Dinda.

Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani geus tara kapanggih deui jeung indungna.

Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.

(Sumber: bahasasunda.com)


Angkat Sakola (Karya: Rifa Hendriani)

Hawa isuk anu tiis maturan léngkah gurung gusuh Siti ka Sakola. Di jalan, anjeunna ningali réa réréncanganna angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan séjénna. Sakapeung mah Siti gé hayang angkat ka sakola bari nyalsé, teu kudu lulumputan kawas kieu.

Siti sumping di sakola pas pisan bél disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola. Karék gé rék asup ka kelas, salah saurang réncangna ngagorowok tarik pisan, “Siti! Kabiasaan ih telat waé. Matakan mun angkat ka sakola téh ari teu boga motor mah naék angkot, béh teu kabeurangan. Untung wé can aya guruna.” Siti cicing teu némbalan cariosan réncangna. Hayangna mah kitu Siti gé, mung anjeunna kudu hémat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Saatos diuk dina korsina, ka kuping deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun. “Uyuhan ih telat waé. Ceuk kuring mah coba manéhna téh naék angkot,” celetuk réncangna nu hiji. “Heueuh ih. Padahal da ongkos naék angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” témbal nu lain. Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita kénéh, mung anjeunna kudu kuat.

Isukanana, Siti angkat ka sakola subuh kénéh. Langit gé poék kénéh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yén anjeunna moal kabeurangan deui.

Anéhna, poé éta jalan téh macét. Kandaraan taya nu maju. Kitu ogé kandaraan réréncangan Siti, taya nu maju hiji gé. Teras wé Siti mapah di sisi jalan. Di tungtung jalan, katingali ku Siti yén di jalan téh keur dibenerkeun, éta anu nyababkeun macét. Untung wé Siti teu naék angkot.

Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bél disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.

Bél disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti. “Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah. “Teu acan Sumping Bu. Saurna mah kapegat macét,” jawab salah saurang réréncangan Siti. Dua puluh menit saatos bél, réa nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macétna jalan.

Tugas Kelompok Ti Sakolaan (Oleh: Kustian)

Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok.

Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.

Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna. Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung.

“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!” Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana.

Singket carita, bolu teh nuju di open. Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, ” Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!” Saur ibu abdi ti jero bumi.

Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna. Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, “Wah” mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.


Editor : Komaruddin Bagja

Halaman Selanjutnya
Halaman :
1 2
BERITA POPULER
+
News Update
Kanal
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
MNC Portal
Live TV
MNC Network