Ngahaja Ngamimitian Acara
Mangga urang sadaya ngamimitian ku maca basmalah, “Bismillahirrahmanirrahim.” Salajengna, urang simak tawasul anu bakal dipimpin ku (sebutkeun nu mimpin). Ka anjeunna dipasrahkeun.
- Sambutan
Hatur nuhun ka (sebutkeun nu mimpin tawasul). Teras urang simak sambutan anu baris ditepikeun ku Ketua Panitia (sebutkeun nami). Ka anjeunna dipasrahkeun.
Tausiyah / Hikmah Maulid
Sakumaha urang tepang ayeuna, inti acara téh nyaéta tausiyah Maulid Nabi Muhammad SAW. Ku kituna, urang simak papatah ti guru urang, al-Mukarram (sebutkeun ustadz/kyai). Waktos sareng tempat dipasrahkeun.
- Doa sareng Panutup
Hatur nuhun ka al-Mukarram (Sebutkeun ustadz) anu parantos maparin pituduh anu kacida mangpaatna. Mugi urang sadaya tiasa ngalaksanakeun ajaran Nabi dina kahirupan sapopoe.
Samemeh acara ditutup, urang simak doa anu bakal dipimpin ku (sebutkeun nu mimpin doa).
Alhamdulillah, parantos rengse acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW. Hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngadukung. Mugia sagala amal urang janten ibadah anu ditampi ku Allah SWT.
Akhirna abdi nutup ku ucapan:
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
2. Teks MC Maulid Nabi Basa Sunda Gampil
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillah, urang sadaya tiasa kempel di dieu dina acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW. Mugia ieu acara mawa barokah pikeun urang sadaya.
- Susunan Acara
Supaya jelas, ieu susunan acara urang ayeuna:
Buka ku doa / basmalah
Sambutan panitia / guru
Tausiyah Maulid Nabi
Doa panutup
- Ngamimitian Acara
Hayu urang buka acara ku maca basmalah bareng: Bismillahirrahmanirrahim.
- Sambutan
Saterusna, urang simak sambutan ti [sebutkeun guru / panitia].
- Tausiyah Maulid Nabi
Acara salajengna nyaéta tausiyah Maulid Nabi anu bakal dipasihkeun ku [sebutkeun ustadz]. Ka anjeunna dipasrahkeun.
- Doa Panutup
Alhamdulillah, parantos réngsé acara Maulid Nabi dinten ieu. Hayu urang tutup ku doa anu dipimpin ku [sebutkeun nu mimpin doa].
- Nutup
Editor : Kastolani Marzuki
Artikel Terkait