get app
inews
Aa Text
Read Next : Contoh Teks Ceramah Maulid Nabi Bahasa Sunda, Singkat Penuh Hikmah

5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda Singkat, Bisa Jadi Bahan Ajar!

Jumat, 19 Januari 2024 - 20:20:00 WIB
5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda Singkat, Bisa Jadi Bahan Ajar!
Contoh Autobiografi Bahasa Sunda  (Foto: Pexels)

JAKARTA, iNews.id - Contoh autobiografi Bahasa Sunda singkat berikut ini dapat dijadikan sebagai bahan ajar para siswa. Autobiografi biasa kita temukan di berbagai media cetak, seperti buku, majalah, dan lain sebagainya. 

Menurut Anang (2015), dalam bukunya yang berjudul Otak Cemerlang dan Hati Riang Berkat Gaya Menulis Freewriting, menjelaskan jika autobiografi merupakan kisah nyata yang dialami oleh diri sendiri lalu dituliskan oleh orang itu sendiri maupun orang lain. 

Adapun, karya tulis autobiografi ditulis berdasarkan perjalanan atau pengalaman hidup. seperti kehidupan masa kecil, remaja, kisah cinta, hingga suatu pencapaian yang jadi hal membanggakan di hidupnya. 

Selain ditulis menggunakan Bahasa Indonesia, autobiografi dapat disampaikan dalam Bahasa Sunda. 

Nah, berikut iNews.id akan berikan ulasan mengenai contoh autobiografi Bahasa Sunda singkat yang dirangkum dari berbagai sumber, Kamis (18/1/2024). 

Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 

1. Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 1

Muhammad Yosi dibabarkeun di Sukabumi, 12 Désémber 2002. Anjeunna cikal ti tilu murangkalih, buah ti Anto sareng Rahma.

Yosi téh landihanana, lahir di kulawarga anu kasang tukang tani. Bapana tukang tani di kampung bari indungna digawé di imah ngurus adi-adina. Maranéhna cicing di hiji désa di wewengkon Sukabumi.

Ti leuleutik Yosi sok dijurung ku indungna sangkan getol ibadah, jadi budak nu soleh, nurut ka kolot, jeung daék digawé. Riwayat atikanana dimimitian nalika asup SD umurna kurang leuwih 6 taun. Ti SD, anjeunna sok aya 3 besar di kelasna.

Sanggeus lulus, Yosi nuluykeun atikanana di SMPN 1 Sukabumi. Saprak harita minatna kana dunya komputer jeung teknologi mimiti mecenghul.

Saparantos lulus SMP, anjeunna mutuskeun neruskeun atikanana di salah sahiji SMK favorit di Sukabumi. Berbekal peunteun ujian sakola anu lumayan alus, anjeunna junun meunang bangku di SMK anu dituju ku jurusan élmu komputer.

2. Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 2

Nami wasta abdi soni, dibabarkeun di bandung, 13 Februari 1997, Kiwari abdi mumbara di kota Bogor sareng kacatut janten salah sahiji siswa kelas X, di sakola SMAN__  Bogor, Jurusan __.

Abdi mibogaan kahayang anu aya kaitana sareng lingkungan sarta kasehatan, terutamina sapertos olah raga sareng jogging. Pikeun abdi lingkungan sareng kasehatan téh mangrupakeun dua perkawis anu kalintang penting, nu aya patalina hiji sareng nu liana.

Pamugi kapungkur mah ti alit padamukan abdi caket sareng wahangan ciliwung, unggal usum panghujan bumi abdi tangtos kabanjiran ku mudalna eta wahangan kasebat.

Lumrahna abdi sareng keluargi sok ngungsi ka pelataran anu palih luhur di bumi sadérék abdi, dugi ka banjir réngsé. Perkawis ieu téh ka ulang noron unggal tauna, sapertos teu tiasa di tungkulan tina masalahna.

Dugi abdi lebet ka sakola SMA, abdi nyadar yén masalah banjir téh sabenerna lain saukur tanggung jawab pamarentah hungkul, nanging masyarakat ogé kedah ngiring tanggung jawab pikeun nyumponan éta masalah banjir.

Salah sahiji carana nyaeta ulah miceun sampah papaduan ka wahangan, sareng ulah sadaekna nuaran tatangkalan anu aya dipipir wahangan kasebat. Wanci yuswa abdi 19 taun, salajeungna abdi teras ngiringan hiji organisasi atanapi komunitas dina ngaran "peduli lingkungan" di komunitas kota bogor

Komunitas ieu unggal mingguna ngalakukeun rupa-rupi kagiatan sosialisasi pikeun nangulangan masalah banjir sarta tarekah polah ngeunaan hirup sehat, khususna anu nyicingan dipadamukan dipipir wahangan.

Salian éta, abdi sareng réréncangan ogé ngayakeun bakti sosial di unggal sasihna. Sarta kiwari abdi janten ngarasa boga mangpaat pikeun jalmi anu sanesna, sareng tiasa babagi supados terang sarta abde oge nuju teurang yén kabersihan lingkungan téh ageung pisan patalina saréng kasehatan urang.

3. Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 3

Muhammad Mulkan Fauzi atawa anu biasa disebut Mulkan ku masarakat di sabudeureunana dipikawanoh ngabogaan hobi maca buku jeung maen futsal. Anjeunna dibabarkeun di Kota Semarang kaping 30 Oktober 1997 ti pasangan Rahmat Kartoso sareng Linda Kusumaningtyas.

Mulkan boga lanceuk nu ngaranna Lusi Apriani nu geus nikah jeung ayeuna hirup jeung salakina di Solo. Anjeunna oge gaduh sapasang adina kembar namina Sifa sareng Isfi anu umurna karek 5 taun.

Mimiti sakola taun 2003–2009 di SDN Budi Mulya. Teras saatos lulus, anjeunna neraskeun ka SMPN 4 Karang Naga ti taun 2010-2013. Teras neraskeun sakola ka SMAN Tarakan 12 Semarang.

Di SMA ieu anjeunna ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler Paskibra sareng aktif dina organisasi OSIS. Malah jadi wakil ketua OSIS di sakolana. Jajaka ganteng ieu téh anggota tim futsal SMAN 12 Tarakan sarta geus meunang sababaraha kajuaraan futsal, boh kajuaraan antar sakola boh kajuaraan umum.

Diantarana, juara katilu Piala Walikota Semarang 2015, juara katilu Piala Hardiknas Futsal 2015, juara kahiji Piala Kilimanjaro 2016, jeung sajabana. Manéhna ngabogaan cita-cita dina sababaraha taun ka hareup sangkan bisa asup ka tim futsal Indonésia sarta mawa ngaran bangsa ka Asia jeung dunya.

Pamaén anu maén salaku striker ogé boga cita-cita pikeun ngirim haji ka kolotna anu geus ngurus anjeunna saprak budak leutik.

4.  Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 4

Nami abdi rohman, atanapi rerencangan mah sok nyauran abdi ku sebatan nami oman, boh disakolaan boh di bumi. Abdi dibabarkeun di Bantar jati, Kacamatan Caringin, Kabupaten Bogor, Provinsi Jawa barat, Ping 09 Juli 1997. Abdi putra ka hiji ti pasangan Bapa Ujang sareung ibu yayan.

Umuran 14 taun, nuju abdi kelas 1 SMP abdi ngagaduhan kareseup nyaeta utak-atik komputer. Mimiti abdi wanoh kana komputer téh ti warnet, ti dinya abdi mimiti wanoh kana Jaringan Internet nyaeta nuju abdi umuran 9 taun kelas 4 SD.

Di Internet seuer hiburan, mun urang hoyong lagu, kawih atanapi pupuh tinggal ngadownload, hoyong video tinggal download, sareung lian sajabana.

Sareng di internet oge seuer pisan Beja atanapi Informasi nukumaha bae, sapertos sabundereun tina bahan ajar disakola, didinya urang tiasa diajar tinggal milarian dina Situs Internet nganggo perantara Browser.

Sabab saur pa guru ogé, élmu mah kacida pentingna, lamun hirup nyandak élmu bakalan moal berat kawas urang manggul batu, da nungarana élmu mah icingna dina pangarti jelema, nyaeta dina akal anu sehat.

Saréng nangan élmu ogé tiasa dimana waé sapertos kos kiwari ayena tiasa diajar dina internet. Élmu tiasa dimanfaatkeun diantarana Ngawartosan anu teu wanoh, Ngabantosan anu butuh, Sodakoh pikiran ngangge élmu ogé kaasup kana ibadah.

Saking resepna abdi kana élmu komputer, abdi ngarancang kahayang lulus sakola éngkin, abdi hoyong neraskeun atikan ka teknik komputer sareng jaringan di salah sahiji universitas negri di kota bogor.

5. Contoh Autobiografi Bahasa Sunda 5

Ngaranna Dewi Anggraeni, lahir di Tasikmalaya, 30 Desember 1997, anak katilu ti lima anak, buah ti pasangan Kamaruddin jeung Siti Zubaidah.

Dewi téh landihanana, lahir di kulawarga anu basajan pisan. Bapana guru honorer di madrasah tsanawiyah, sedengkeun indungna gawéna jadi kuli di pabrik sapatu teu jauh ti imahna. Ti leuleutik sok dijurung ku bapana sangkan salawasna getol ibadah, jujur, jeung bageur ka batur.

Nalika yuswa 6 taun, anjeunna ngamimitian atikan di SDN 1 Ciawi, Tasikmalaya, teras saatos lulus anjeunna neraskeun ka SMPN 1 Tasikmalaya taun 2009. Saparantos lulus SMP taun 2012, anjeunna ngagabung sareng pamanna anu cicing di Kota Bandung sareng neraskeun ka SMA xx Kota Bandung.

Sabada kelas X SMA, manéhna milu pasanggiri ngarang sajak antar sakola di sakuliah Kota Bandung, sarta sajakna anu judulna “Senja di Barat Cikapundung” jadi juara ka-3 dina éta pasanggiri.

Tangtu waé hal ieu ngajadikeun haténa bagja jeung leuwih sumanget dina nulis, hususna sajak-sajak anu bertema lingkungan. Pikeun manéhna, lingkungan mangrupa salah sahiji aspék penting dina kahirupan lantaran lingkungan anu beresih jeung éndah bisa ngajadikeun jiwa manusa kuat jeung séhat.

Salian ti éta, manéhna ogé aktif dina sagala rupa kagiatan di sakola. Dewi asup kana organisasi Pramuka sarta ogé jadi kapala redaksi majalah dinding sakola.

Ayeuna anjeunna masih di kelas XII SMA jurusan Bahasa. Sanggeus lulus, mojang hideung manis ieu ngarencanakeun pikeun nuluykeun kuliah di Jurusan Sastra Indonesia di Universitas Gajah Mada (UGM) Yogyakarta.

Itulah ulasan mengenai contoh autobiografi Bahasa Sunda singkat. Semoga bermanfaat!

Editor: Komaruddin Bagja

Follow Whatsapp Channel iNews untuk update berita terbaru setiap hari! Follow
Lihat Berita Lainnya

iNews.id
iNews Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik lebih lanjut