JAKARTA, iNews.id - Contoh teks ceramah Maulid Nabi bahasa Sunda berikut ini bisa jadi referensi bagi umat Islam.
Isnan Ansory dalam bukunya Pro Kontra Maulid Nabi menyebutkan, Syaikh as-Sayyid Zain Aal Sumaith, dalam karyanya Masail Katsuro Haulaha an-Niqosy wa al-Jidal, mendefinisikan maulid Nabi Muhammad yakni, memperingati hari kelahiran Rasulullah dengan menyebut-nyebut kisah hidupnya, dan setiap tanda-tanda kemulian dan mukjizat sang Nabi Saw dalam rangka mengagungkan kedudukannya, dan menampakkan kegembiraan atas kelahirannya.
Tujuan memeringati Maulid Nabi SAW adalah dalam rangka menampakkan kegembiran atas kelahiran Nabi SAW. Tradisi menyambut Maulid Nabi SAW sudah ada sejak zaman dulu. Dikutip dari mui.or.id, Imam al-Suyuthi menyatakan, raja pertama yang memperingati hari kelahiran Rasulullah saw. dengan perayaan yang meriah luar biasa adalah Raja Al-Mudhaffar Abu Sa"id Kukburi ibn Zainuddin Ali bin Baktakin (l. 549 H. – w.630 H.).
Tidak kurang dari 300.000 dinar beliau keluarkan dengan ikhlas untuk bersedekah pada hari peringatan maulid. Intinya menghimpun semangat juang dengan membacakan syi’ir dan karya sastra yang menceritakan kisah kelahiran Rasulullah SAW.
Di antaranya yang paling terkenal adalah karya Syeikh Al-Barzanji yang menampilkan riwayat kelahiran Nabi SAW dalam bentuk natsar (prosa) dan nazham (puisi). Saking populernya, sehingga karya seni Barzanji ini hingga sekarang masih sering kita dengar dibacakan dalam seremoni peringatan maulid Nabi SAW.
Merayakan bulan kelahiran baginda Nabi Muhammad SAW selalu diisi dengan berbagai acara kegiatan keagamaan seperti tausiah Agama atau tabligh akbar.
Contoh Teks Ceramah Maulid Nabi Bahasa Sunda
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillahi rabbil ‘alamin, hamdan syakirin hamdan na’imin hamdan yuwafi ni’amahu wa yukafi mazidah. Shalawat sareng salam mugi tetep ngalimpah ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka keluargana, sahabatna, sareng sakumna umatna dugi ka akhir jaman.
Bapak/Ibu, para tamu undangan anu dipikahormat, barudak santri anu dipikacinta.Rasa syukur ka Gusti Allah, dinten ieu urang tiasa kempel dina acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 2025 di (sebutkeun tempatna).
Sasih Rabiul awal mangrupikeun salah sahiji sasih anu mulya. Margi dina eta sasih diutusna hiji jalmi anu paling mulya ka alam dunya, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Rasul anu janten rahmat kanggo sadaya alam.
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِّلْعَالَمِينَ : ( اَلاَنْبِيَاءِ: ١٠٧)
Hartosna: Jeung teu pati-pati kami ngutus Anjeun (Muhammad), teu aya lian supaya jadi rahmat pikeun sakabeh alam. (QS. al-Anbiya: 107)
Padahal eces jentre pisan dina al-Qur’an, Alloh marentahkeun ka jalma nu iman, sangkan ngamulyakeun Nabi ku cara maca sholawat ka Kangjeng Nabi SAW, sakumaha pidawuh-Na:
إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَٰٓئِكَتَهُۥ يُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِيِّۚ يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ صَلُّواْ عَلَيۡهِ وَسَلِّمُواْ تَسۡلِيمًا
Hartosna: Saestuna Allah jeung para malaikat-Na maos shalawat ka Kangjeng Nabi. Hei jalma-jalma nu iman, kudu maca shalawat aranjeun kabeh ka Nabi jeung ucapkeun salam kahormatan ka Anjeuna. (Q.S al-Ahzab; 56)
Suri Tauladan Nu Ageng
Nabi Muhammad SAW, Pangutamina makhluk anu diciptakeun ku Allah SWT., tiantara makhluk anu sejena, jalmi anu ngagaduhan akhlak paling mulya, ngagaduhan sifat sareng martabat anu agung, suri tauladan keur sakabeh insan.
Kamulyaan jeung kaluhuran akhlak Rasulullah teu aya tandinganana, akhlakna patut ditiru, dawuhanana patut digugu, sahingga Allah oge ngagungkeun kana kaagungan akhlakna.
Dina al-Qur’an Allah SWT ngadawuh:
لَّقَدۡ كَانَ لَكُمۡ فِي رَسُولِ ٱللَّهِ أُسۡوَةٌ حَسَنَةً لِّمَن ْكَانَ يَرۡجُواْ ٱللَّهَ وَٱلۡيَوۡمَ ٱلۡأٓخِرَ وَذَكَرَ ٱللَّهَ كَثِيرًا
Hartosna: Saenyana geus aya dina (diri) Rasulullah eta suri tuladan/conto anu saé pikeun aranjeun, nyaeta pikeun jalma-jalma anu miharep (rohmat) Allah jeung (datangna) poé kiamat jeung manehna loba dzikir ka Alloh saloba-lobana. (QS. al-Ahzab:21)
Jamaah Rahimakumullah
Kedah janten emutan kanggo urang sadayana saparantos nitenan ayat nembe, nyaeta Allah anu Maha mulya, ngagungkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW., tapi kadang aya sabagian manusa anu ngarasa beurat ngagungkeun jeung ngamulyakeun Rasulullah SAW, bahkan sawareh jalma mah aya nu ngewa ka jalma anu resep ngamulyakeun Kangjeng Rasul.
Padahal eces jentre pisan dina al-Qur’an, Alloh marentahkeun ka jalma nu iman, sangkan ngamulyakeun Nabi ku cara maca sholawat ka Kangjeng Nabi SAW, sakumaha pidawuh-Na:
إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَٰٓئِكَتَهُۥ يُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِيِّۚ يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ صَلُّواْ عَلَيۡهِ وَسَلِّمُواْ تَسۡلِيمًا
Hartosna: Saestuna Allah jeung para malaikat-Na maos shalawat ka Kangjeng Nabi. Hei jalma-jalma nu iman, kudu maca shalawat aranjeun kabeh ka Nabi jeung ucapkeun salam kahormatan ka Anjeuna. (Q.S al-Ahzab; 56).
Ayat nembe mangrupikeun parentah anu jelas ka jalma anu iman supaya maca shalawat ka Kangjeng Nabi. Kudu hormat ka Rasul, kudu ngamulyakeun Rasul, jeung kudu tumut kana tuntunan Rasulullah SAW.
Kajabi ti eta oge Alloh bakal mika asih jeung masihan panghampura ka satiap jalmi iman, anu maca shalawat jeung taat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Dawuhan Allah SWT:
قُلۡ إِن كُنتُمۡ تُحِبُّونَ ٱللَّهَ فَٱتَّبِعُونِي يُحۡبِبۡكُمُ ٱللَّهُ وَيَغۡفِرۡ لَكُمۡ ذُنُوبَكُمۡۚ وَٱللَّهُ غَفُورٞ رَّحِيمٞ ٣١
Hartosna: Bejakeun Muhammad: “lamun aranjeun (bener-bener) micinta ka Allah, tuturkeun kami, maka Allah bakal mika cinta jeung ngahampura kana dosa-dosa aranjeun,” Jeung Allah anu maha Penghampura oge anu Maha asih. (QS. Ali-Imran : 31).
Dina salah sawios hadits ti Abu Dzar RA, anjeuna nyarios:
أَوْصَانِيْ خَلِيْلِي صَلَّى الله عَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِسَبْعٍ بِحُبِّ الْمَسَاكِيْنِ وَأَنْ أَدْنُوَ مِنْهُمْ، وَأَنْ أَنْظُرَ إِلَى مَنْ هُوَ أَسْفَلُ مِنِّي وَلاَ أَنْظُرَ إِلَى مَنْ هُوَ فَوقِيْ، وَأَنْ أَصِلَ رَحِمِيْ وَإِنْ جَفَانِيْ، وَأَنْ أُكْثِرَ مِنْ لاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ، وَأَنْ أَتَكَلَّمَ بِمُرِّ الْحَقِّ، وَلاَ تَأْخُذْنِيْ فِي اللهِ لَوْمَةُ لاَئِمٍ، وَأَنْ لاَ أَسْأَلَ النَّاسَ شَيْئًا.
Hartosna: Kakasih kami (Rasulullah SAW) wasiat ka kami kana tujuh hal:
1. Supaya kami micinta jalmi miskin jeung deukeut kamanehna.
2. Anjeuna marentahkeun ka kami supaya ningali ka jalmi anu sahandapeun urang jeung ulah sok ningali ka kajalmi anu saluhureun urang.
3. Kudu daek silaturrahmi sok sanajan manehna bengal ka urang.
4. Kami kudu ngalobakeun maca lâ haulâ walâ quwwata illâ billâh.
5. Kudu nepikeun anu bener sanajan pait karasana.
6. Ulah sieun ka jalma anu ngahina dina dakwah di jalan Allah SWT.
7. Jeung anjeuna ngalarang/nyaram kana barang penta ka manusa.
Jamaah Sedaya Anu Mulya.
Mugi wasiat nembe urang sadaya tiasa ngamalkeunana buktos urang taat ka Allah sareng Rasulna.
Kalayan teu kedah was-was deui margi agungna akhlaq Rasulullah SAW diagungkeun ku Allah SWT sahingga Manten-Na ngadawuh dina Al-Qur’an:
وَإِنَّكَ لَعَلَىٰ خُلُقٍ عَظِيمٍ
Hartosna: Jeung saenyana anjeun (Muhammad) ngapibanda akhlaq anu agung. (QS. al-Qolam;4)
Demikian yang dapat saya sampaikan mudah-mudahan bermanfaat dan dapat kita amalkan dalam kehidupan. Amin Yaa Robbal ‘Alamin...
Wallahul muwafiq ilaa aqwamithariiq. Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Editor : Kastolani Marzuki
Artikel Terkait