Contoh pidato Bahasa Sunda tentang sopan santun (freepik)

JAKARTA, iNews.id - Contoh pidato Bahasa Sunda tentang sopan santun berikut ini dapat dijadikan sebagai bahan ajar siswa. Tak hanya di Bahasa Indonesia, materi pidato juga dapat kita temukan di mata pelajaran muatan lokal Bahasa Sunda. 

Dalam Bahasa Sunda, pidato memiliki nama lain, yakni biantara. Menurut Mahardika dkk (2016), pada bukunya yang berjudul Kamus Genggam Bahasa Sunda, biantara merupakan teks pidato berbahasa Sunda yang biasanya disampaikan pada acara-acara tertentu di wilayah Jawa Barat. 

Tujuan dibuatnya suatu biantara Bahasa Sunda, di antaranya mempengaruhi pendengar untuk melakukan apa yang disampaikan pembicara, menyampaikan informasi, dan memberikan kesan positif. 

Berbagai hal dapat diangkat sebagai tema dalam biantara Bahasa Sunda, salah satunya sopan santun. Bantara ini dapat mengajak masyarakat atau pendengar untuk mengedepankan sopan santun dalam kehidupan sehari-hari. 

Nah, bagi kamu yang penasaran tentang bentuk contoh pidato Bahasa Sunda tentang sopan santun, berikut iNews.id berikan ulasannya dikutip dari berbagai sumber, Selasa (13/2/2024). 

Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Sopan Santun

1. Contoh Pidato 

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapa Kapala Sakola hormateun simkuring, Bapa sareng Ibu Guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka hadirat Allah SWT, alhamdulillah dina dinten ieu urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina acara anu sae ieu dina kaayaan sehat wal afiat.

Hadirin anu ku simkuring dipikahormat.

Dina waktos ieu simkuring bade ngadugikeun pidato anu judulna "tata krama urang Sunda". Tangtos sadayana parantos uninga naon nu dimaksad tata krama.

Tata krama teh nya eta mangrupi kabiasaan, adat, sopan santun atanapi sok disebat oge etiket atanapi etika anu parantos mangrupikeun tuntunan di hiji masarakat atanapi daerah dina waktos anu tos tangtos. Ku kituna tata krama di hiji masarakat tiasa benten sareng nu aya di masarakat sanesna.

Kitu oge tatakarama urang Sunda pasti benten sareng masarakat sanesna. tata krama teh aya dina sagalarupi wangun komunikasi atanapi tindakan antar jalmi.

Sapertos tata krama dina nyarios, tata krama dina tuang, tata krama dina tatamu, sareng sajabina.

Kanggo conto, mangga urang tingali tata krama dina nyarios atanapi tata krama dina nganggo basa dina basa Sunda. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atanapi lemes sareng ragam basa loma.

Dina ragam basa hormat atanapi lemes aya dua rupi basa lemes, nyaeta basa lemes kanggo nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes.

Ku ayana ragam basa dina basa Sunda teh sanes kanggo ngabantenkeun status sosial tiap jalmi, namung kanggo ngahormat ka sepuh sareng ngajen ka sasama.

Ku kituna, tata krama basa Sunda anu kawitna sok disebat Undak usuk Basa Sunda, ayeuna mah tos sacara resmi digentos ku istilah tata krama Basa.

Naon margina istilah Undak usuk Basa Sunda digentos ku istilah tata krama Basa Sunda?. Saur para ahli, istilah Undak usuk Basa Sunda digentos ku istilah tata krama Basa Sunda kumargi istilah Undak usuk Basa Sunda teh kadanguna langkung "feodal" upami dibandingkeun sareng tata krama Basa Sunda.

Para hadirin sadayana, saparantosna urang sadayana sasarengan ngabahas naon sareng kumaha tata krama urang Sunda, utamina tata krama dina nganggo basa Sunda, mugi urang sadayana langkung ngartos kumaha dina ngalarapkeun basa Sunda sareng naon anu janten tujuan ayana tata krama basa Sunda.

Rupina sakitu nu tiasa ku simkuring dugikeun, dicekapkeun sakitu anu kapihatur, hapunteun tina samudaya kaleptan.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

2. Contoh Pidato 

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Selamat Siang.

Pertama nu paling utama, pribados nyungkeun izin pikeun ngemutan urang sadayana perkara akhlak mulia di kahirupan. Akhlak mangrupakeun kaca tina kualitas moral jeung etika nu ku urang tunjukeun dina interaksi saban poe jeung sasama manusa.

Sapertos nu diajarkan dina agama urang sadayana nyaeta Islam, akhlak nu sae mangrupakeun salah sahiji aspek hidup nu penting. Rasulullah SAW mangrupakeun teladan nu sampurna dina urusan akhlak nu luhur. Beliau nyaeta conto pikeun umat nu hayang ngabebener akhlak.

Tapi di zaman nu modern jeung serba tereh sapertos ayeuna urang sok kajebak dina dinamika kahirupan nu penuh intrik. Akibatna urang poho pentingna akhlak sae dina aspek kahirupan. 

Makana, penting pisan urang sadayana emut jeung nerapkeun nilai-nilai akhlak mulia dina kahirupan saban poe.

Pertama, hayu urang berdiskusi mengenai akhlak ka diri sorangan. Sebagai individu, urang teh kudu ngajaga integritas jeung martabat diri. Di mana ieu teh mencakup kasadaran diri dina tingkah polah jeung cariosan. 

Urang teh wajib ngarhomat jeung ngajaga badan urang karena mangrupakeun amanah di Allah SWT, ngahindar tina sagala tindakan nu ngarusak badan sapertos mabok, mengkonsumsi narkoba, jeung ngalanggar prinsip kasehatan.

Nu kadua, hayu urang diskusi tentang akhlak ka sasama manusa. Urang teh sadayana mangrupakeun mahluk sosial nyaeta mahluk nu teu tiasa hirup sosoranganan. 

Maka geus pasti urang teh saling ngabutuhkeun. Dina prakna ngarah kahirupan harmonis maka urang teh kudu sami-sami ngajaga akhlak sae ka sasama.

Nu katilu, urang teh kudu boga akhlak sae oge ka lingkungan. Tumbuhan jeung hewan teh sanajan teu bisa mikir kawas urang, teu bisa gerak kawas urang tapi mangrupakeun makhluk Allah oge. Jadi, urang wajib ngajaga kelestarianna.

Jadi, sing inget akhlak sae teh teu ngan saukur ka diri sorangan, tapi oge ka sasama manusa jeung ka lingkungan, oge ka makhluk lain seperti tumbuhan jeung hewan. 

Sanajan singkat mugia aya manfaatna pidato sim kuring ieu. Hampura bilih aya kalepatan. Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

3. Contoh Pidato 

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Hadirin sadayana, sabar mangrupakeun salah sahiji sikap nu penting saat urang ngahadapi ujian jeung tantangan hirup. Sabar teh lain kelemahan tapi mangrupakeun kakuatan sangkan urang bisa tegar, semangat, jeung bertahan dina lobana cobaan.

Jalmi anu sabar bisa nempo sisi positif tina sagala ujian anu nganimpa dirina. Dina satiap musibah, pasti aya hikmah jeung pelajaran anu bisa dicokot. Ku sikap sabar, urang bisa nempo kanyataan bahwa ujian teh nyaeta peluang sangkan urang bisa berkembang jadi pribadi nu langkung sae.

Hadirin sadayana, dina ngajalani kahirupan ieu, sabar teh mangrupakeun konci. Urang sadayana memang selalu diuji jeung dicobi ku hal-hal anu berat. Tapi lamun urang sabar, urang bisa ngahadapina dina kaayaan tenang nu mangrupakeun kakuatan.

Hadirin, tah eta sikap sabar. Sikap nu penting ku urang sadayana dipiboga. Sikap nu jadi kunci urang ngahadapi kahirupan nu penuh cobaan jeung ujian.

Sanajan singkat, semoga ieu pidato aya manfaatna. Hampura bilih loba kalepatan da kasampurnaan mah mung miliki Allah. 

Hatur nuhun, hadirin sadayana.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.

4. Contoh Pidato 

Asslamu’alaikum Wr Wb.

Hadirin sadayana, hayu urang ngumpul riung ngabahas hiji hal anu penting kanggo kahirupan urang sadayana. Nilai penting nu pami ku urang dijaga bisa jadi bekel nu ngabawa urang kana kasaean. Tema pidato kasempetan ieu nyaeta sopan santun.

Hadirin, urang sadayana uninga manusa teh makhluk sosial. Makhluk anu diciptakeun sangkan hirup berkelompok. Maka dina kasahariana oge pasti saling tergantung, saling ngabantu, jeung saling dibantu.

Kasadaran eta memang geus aya tapi bakalan langkung sae deui amun urang teh dalam berinteraksi ngadepankeun sopan santun. Sopan dina artian sadar diri keur ngobrol atanapi nyarios jeung saha. Nya pami jeung kolot mereun bahasana nu mereunah jeung suarana leutik.

Sopan santun teh tercermin dina banyak aspek, hadirin sadayana. Sopan santun tiasa ditingali tina kata-kata anu diucapkeun. Pami nu sopan, geus pasti bahasana lemes jeung jauh tina kata-kata anu kasar.

Sopan santun oge katempo dina perilaku urang nu amanah, jujur, jeung tanggung jawab. Tilu hal eta teh bakal ngabentuk pribadi anu ngabogaan integritas luhur. 

Sopan santun mangrupakeun fondasi penting dina kahirupan sangkan harmonis di lingkungan kaluwarga, masyarakat, jeung negara. Kahirupan sapopoe anu ngadepankeun sikap sopan santun pasti bisa nyiptakeun damai, tenang, geunah, tur merenah.

Hayu urang komitmen nerapkeun sikap sopan santun dimulai ti diri sorangan heula. Terus engkena ka anggota keluarga. Terus lebih luas deui di lingkungan tempat urang kagiatan sapertos sakola, kantor, jeung lain sajabana.

Mung sakitu wae nu tiasa didugikeun. Hampura dina lobana kasalahan. Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr Wb.


Itulah ulasan mengenai contoh pidato Bahasa Sunda tentang sopan santun. Semoga bermanfaat!


Editor : Komaruddin Bagja

BERITA POPULER
+
News Update
Kanal
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
MNC Portal
Live TV
MNC Network